Rabu, 20 Agustus 2008

Leungeun di Handap

Apa téh putera pameget hiji-hijina pami ditingali ti jihat Aki mah, opat nu sanésna mah istri. Dikantun pupus ku Aki téh waktos aranjeuna masih kénéh burey, aralit kénéh pisan. Yatim téh sadayana dicandak ku Aki ti Cintawana, sanaos dibaeudan oge ku istrina, rakana Nini. Lebeting manahna mah rupina bingah amarta suta da nu buktos mah yatim téh diistiméwakeun pisan ku nini cintawana téh, diparin tempat nu istiméwa di bumina, ibu mah sok bari rambisak pami ngagambarkeunana téh. Apa téh dipikanyaah pisan ku sadérék-sadérékna, kitu ogé apa ka aranjeuna.
Waktos anjeuna badé ka Mekkah, sakumaha sakedahna, anjeuna wawasiatan ka ahli warisna, perkara urusan agama, ahlak jeung harta, utamana kawajiban tanggunganana. Dina waktu harita anjeuna nerangkeun hal waris. Henteu nitah, ngan anjeuna nyaurkeun yén sabab dina kanyataanana nu ripuh ngurus nini téh sadérék-sadérékna nu istri, anjeuna mah warisan téh ah disaruakeun wé, ijtihad pribadina. Kuring ge na haté, harita ngaaminan dan harita ogé nu sok dipénta tulung mantuan upami keuangan anjeuna pabaliut téh si Ceuceu, anak awéwé panggedéna.
Ka lanceuk ti indung nu lainna, putrana raka Apa nu di Cilutung, sadulur-dulur téh tahkim ngeunaan waris anjeuna waktos anjeuna ngantunkeun. Nu dipaké téh pamendakna, ijtihad apa mah kontékstual khusus kanggo anjeuna, nu utama mah tetep kumaha ceuk Allah jeung Nabi-Na, keun wéh mudah-mudahan kata’atan kana bagbagan agama téh malah janten kasaéan ka anjeuna.
Satuntasna dibagi téh, bagéan kuring mah, oge dulur-dulur kabéh, disanggakeun ka ema, ngarah jadi washilah, ngalap berkah digantian ku gusti boga waris akhlak apa nu béla ka Nini, Ibuna, jeung héman nyaah ka nu jadi sadérék-sadérékna.
Sataun kamari ema di pundut ku Nu Kawasa. Kumahakeun atuh ayeuna kakantunna ?
“Bingung Kakang mah mun dibagi gé, mun si Ceuceu di hareup, kakang di béh dituna, jalana kamana, maneh nu mana ? “ kitu si Kakang.
“Di sakolakeun, di didik nepi kapinter sahingga boga kalungguhan, piraku masih kénéh hayang warisanana “ , si Ceuceu mah nyarita na gé bari nginghak, matak inggis mibanda rasa teu dihargaan ku nu jadi dulur lalakina, palayanan nu geus di limpahkeun ka ema salami nyarengan ema ti nuju séhat dugi ka walesna.
Kahayang mah warisan téh ayeuna mah jadi jalan aranjeuna kénging cahaya nu nyaangan alam kuburna, bilih bisi apa lepat tos ngabaékeun aturan gusti, atuh mugia janten kafaratna. Ahlak apa tetep tumetep aya disadaya katurunanana, nu janten jariyyahna.
“ Tapi Umi mah teu rido pami Apa wantun-wantun nahan hak sadérék-sadérék Apa “ ceuk indung budak bari neuteup ku péso matana nu seukeut.
Kumahakeun atuh ?
Umina barudak téh putuna nu kapungkur ngasuh ngaageungkeun Apa di Cintawana, ngahaja dipanggil Umi méh sarua ahlakna. Apa pupus dina pangkuanana. Allahummagfirlahu . . .(kang didin)

Warisan Apa

Bismillah .
Basa apa, Allah Yarham, naros ka kuring kumaha alusna, akuntan nu datang mariksa keuangan usahana perlu henteuna di tampiling ku amplop, jawaban teh ulah, harita mah asa pang santrina we. Anjeunna rupina nyaluyuan ieu pamanggih. Basa minggu hareupna kuring ngarencangan anjeuna ka bank nanyakeun nasib kiriditan teh hasilna sesuai harepan, nyamos, teu ditedunan, tapi lain pedah teu dibere amplop, cenah mah bongan injeuman nu ti heula ge ku apa teu dianggo ngembangkeun usahana, tapi diselewengkeun dianggo ka Mekkah !. Memang basa anjeunna dipaido ku si atah adol teh, pedah pausahaan apa teu aya kamajengan, anjeunna ngangken yen artos tambutanana nu ti payun teh dianggo ka Mekah. Duh ari apa !.
Palias, ampun paralun rek ngalepatkeun apa, ieu mah meureunan, amun si Ceuceu kekeleyengan aprak-aprakan nepi ka Banjar anjuk ngahutang hayang ka Mekkah, atawa kuring tug ka kiwari masih keneh boga hutang urut beaya indit ka mekaah teh meureun aya ti dituna ? ( sanajan saurna ibu mah tong dipikiran tong diomong-omong da lain ngahutangkeun, eta mah umum cariosan sepuh pan, da urang ge ning ari ka budak mah tara ieuh aya pikiran rek ngahutangkeun).
Waktos bade angkat, aranjeunna naros, hayang dioleh-olehan naon engke ti Mekkah, jawab teh du’akeun we abdi mah sing janten jalmi nu soleh. Eta mah pasti, saur Apa, Naon deui ?. Apal kana hobbyna, ngaos Qur’an, jawab teh eta we Qur’an nu sok diaosna di Mekkah kanggo abdi. Heug, walerna. Bilih anjeuna hilap, waktos anjeuna nyeratan yen anjeuna tos aya di Mekkah, gutrut nulis serat perkara pesenan du’a tea, ditambahan abdi ge hayang ditakdirkeun bisa ka mekah. Nah, tambahan pamenta ieu jigana nu jadi masalah teh, teu dilengkepan ku kalayan teu kudu ngahutang !, jadi weh . . . .
Mendak tahun pananggalan apa pupus teh pas si Kakang sms netelakeun anjeuna nuju di madinah taun kamari mah, mudah-mudahan du’a Kakang diraudhah di kabul, anjeuna miwah istri oge ibu ramana diparin rohmat kubur, amien.
Guling gasahan can jarah ka makamna , tapi embung indit-inditan da sieun kumaha onam tuluy teu tulus indit ka Mekkah, indung barudak jadi milu-milu rieut. Ditegeran ku indung barudak,sakantenan nepangan rai-raina kuring ngawani-wanikeun maneh ka ciawi ziarah ka makam anjeun nu ngempel sareng ahli-ahlina, ngadon ceurik. Basa anjog ka Mekah terus thawwaf Qudum, taya lian ngan ceurik jeung ceurik weh, lebeng teu ngadu’a nanaon thawwaf teh , emut apa, du’ana dikabul ku gusti.
Warisan apa teh seueur geuning !. (dicutat tina komentar kang didin)