Rabu, 14 Januari 2009

Salingkuh

‘ Mang Hasan, lamun engkin barudak sèèpeun bekel, punten nya ! ‘, kitu kuring nga-sms ka emangna barudak nu keur ngadon liburan di cibiuk, di ninina si Ali, budak cikalna.
‘ Siap ‘, jawabna singket.
Saptu kamari manèhna ngurunyung ka imah, hayang panggih cenah bari jeung rèk laporan pèdah geus diamanatan.
‘ Barudak tèh sarolèh kang, teu ieuh ngangluh komo mènta ‘ cenah ngamimitian bari barabat terus ngablam-blam ngadongèngkeun hasil pangamatanana nitenan ieu kagiatan, ka teuing nyarita naon da pikiran kuring mah harita leupas, misah jeung jiwa, kajadian 15 taun ka tukang pasuliwer dina uteuk .
. . . . .
‘ Pa, abdi tèh nuju ngawitan ngadamel pondasi ‘, bungah nyarita tèh bari gap panangan apa nu nuju nyambut di lawang panto dicium.
‘ Cenah hayang ditungguan ku Apa ‘, anjeuna maido kuciwa ka kuring nu geus jalir kana kasaluyuan. Anjeuna memang tos ngajangjikeun yèn mun rèk ngawangun imah teh, syukr bin ni’mah, anjeuna kersa ngamandoran malar saluyu jeung kahayang.
‘ Muhun sih, namung saatos dièmut-èmut, teu saè teu lirèn-lirèn ngarèpotkeun waè Apa ‘.
Mèmang sabab teu diwidian ku apa, imah tèh tulusna mah nyieun sorangan, tadina mah hayang jiga batur nyicil nu geus jadi .
Alhamdulillah puguh gè, sanajan bari teu mahi gajih ladang buburuh kuli pabrik tèh kuring bisa maksakeun nabung jang dipakè uang muka cicilan imah. Hayang dijurung du’a ku Apa sakalih Ema, kencling kuring ka Bandung laporan. Anjeuna baringaheun bari terus ngiring ka Karawang hayang ningali, sakantenan silaturrahim ka bèsanna.
‘ Teu satuju Apa mah ‘.
‘ Caket masjid Apa ! ‘, walon kuring nu kagèt geus di-veto.
‘ Heueuh, tapi teu kaharti ku apa mah, salila 15 taun huhutang . . !
‘ Euceu gè teu ngarti kana pipikiranana tèh ‘ , ibu ngiring kerung, ‘ padahal geus ditawaran ku euceu gè, geus wèh nyieun sorangan da euceu boga tanah titinggal bapana si Tita di SPG ‘.
‘ Gantian wèh, ari hayang rapih mah ‘, ibu surti ningali kuring nu beurat, èmang aing wungkul anak ibu tèh !.
‘ Keun ku Apa ditungguan nyieunna mah ‘. Apa neuteup seukeut.
Atuh akad kredit tèh dibolaykeun, nya ka saha atuh kudu nurut tèh ari lain ka sepuh nu geus nyaah ?.
Si Hasan adi pangais bungsu nyarengan anjeuna nu nuju numpahkeun kanyaahna ka nu jadi putra-mantu di Karawang. Saptu ba’da shalat maghrib berjama’ah, sambil istirahat tos papanasan ngamandoran nu keur nyieun imah, opatan jeung indung budak ngariung ngobrol bari makan malam. Lain ngobrol nyatana mah da nu bukti mah mung Apa wungkul nu nyarios teu aya nu wantun nyela, komo ngomèntaran anjeunna nu nuju curhat, sagala hal nu janten beungbeurat anjeuna imeut ditataan kalayan daria.
Ba’da berjama’ah shalat isya kuring pamit ka anjeunna rèk ka pabrik da kabeneran kagiliran jaga pabrik nu suwung ditinggalkeun pingpinanana sabab poe libur. Apa ngajajap nepi ka panto ku teuteup deudeuh nu moal bakal poho.
‘ Pak, pak bangun, ada telpon dari ibu ‘. Tengah peuting, Satpam ngagedor-gedor panto kamar mèss ngahudangkeun kuring nu karèk kaburu sare tas kukurilingan ngaroris jalanna produksi .
‘ Apa ènggal uih, ulah nyupir nyalira ‘ pamajikan nyaritana di tungtung telepon jiga nu nahan piceurikeun.
‘ Aya naon nya ?‘, kuring bingung teu paham.
Ku pa Bambang kuring dianteur balik, nyampak ka imah kuring leuleus, tuur leungit tanaga, apa di ruang tamu tos teu aya dikieuna. Jasadna ku kuring ditangkeup pageuh, inna lillahi wa inna ilaihi raaji’uuunnn . ..
Sanajan haram, cimata kuring maseuhan rarayna. Sanajan haram, cai pangibakanan jasad anjeuna pacampur jeung cimata kuring duaan si Hasan. Peuting èta kèneh jasadna ku kuring diibakan dibantuan ku si Hasan. Ningali kuring nu duka keur babakti, tatangga mantuanana ngan wani nepi ka saukur ngasor-ngasorkeun cai bari mapagahan sing kuat.
Mèmèh shubuh ema ti Bandung, da anjeuna nyelang mulih pèdah gaduh wawarungan, dugi ka Karawang. Bèrès shalat shubuh kabèh geus siap kanggo ngaberangkatkeun apa ka Cimanggu. Malaikat geus ngurus ambulan jeung mobil-mobil jang nu jajapna lengkep jeung ongkos-ongkosna, Allah Kariimm . . . , Allah tos nguningakeun balesanana ka jalmi nu alim ngahèsèkeun batur, nu teu werat mun ningali batur nu nuju hèsè.
Mobil tunggangan nyemprung euweuh nu wani ngahalangan, sapanjang jalan kuring ceurik balilihan diusapan ku ema nu oge duka. Wanci dluha nepi ka Cimanggu, nyampak Cimanggu geus sahèng, masjid pinuh ku nu sedih kaleungitan Apa. Mireungeuh kang Ahmad, leungeunna ku kuring didudut sina taliti mariksa Apa, bari nangkeup pageuh ka kuring nu ngaguk-guk manèhna alon ngomong ‘ urang ikhlaskeun, apa infark jantung ‘, manèhna mah ngarti da dokter.
Ku raka-raina apa kuring digalèntoran, ka ema nu ngungun aranjeuna mangmèntakeun pangampura keur apa, mènta diridokeun sagala kalepatan apa ka nu janten istrina. Ma Haji nu randut-dut da ceurikna bari ngabrul-ngabrul rambutna jeung jajak-jejek bari nginghak mènta hampura ka ema keur Apa utamana pèdah apa salami ieu tos salingkuh. Anjeuna sanajan bari nganafakahan keluargana jauh tina ukuran mahi, sok nitip-nitipkeun artos jajan-na ka ma Haji, saurna tèh ari hayang mah anjeuna tèh ngadegkeun sakola agama kurikulum TK/TPA tapi sabab batesan kamampuhna, nya rèk nu temporèr wè, rèk dingaranan BINA ANAK ! .
Bingung ngareungeu kuring nu baluas-balieus bari jiga nu keur nahan ceurik dibèrè laporan pertanggung-jawaban BINA ANAK tèh, kalacat si Hasan naèk ka mezzanine kamar si Bintang, sarè . . . .

(Kang Didin)

2009 Januari 12 23:23