Sabtu, 23 Agustus 2008

Awewe Nu Nyuhun


‘ Keureut raray Apa mah jiga Ema “, kitu indung barudak sok nyarita.
Ema kuring mah nunggelis, jariyyah Emih hiji-hijina. Teu kantos kenal rama, da dikantun pupus ku ramana nalika anjeuna masih dina rahim Emih, ibuna. Yatim teh pada mikanyaah dialung boyong diatara keluarga ramana sareng ibuna, kabeneran harita jaman werit gorombolan téa, atuh lamun téa loba pisan sadérék sasusuanana téh nya pantes. Di candak ku aki ti jihat ibu, diageungkeun sareng Nini sambungna nu di-‘négatip tingking’-keun téa, atuh nambih-nambih masalah. Numawi upami sakola anjeuna bantut teh tos janten kakedahan.
Ningali galagat teu bérés, sanaos masih kénéh alit, tapi pan ari di kampung bari zaman-na dahulu kala mah biasa, anjeuna ku aki haji Saléh ti Cikolé didahupkeun ka Apa, Yatim nu diriung-riung ku opatan sadérék-sadérék istri bari janten ‘bapa’ kanggo ibuna tea. Nini. Gambaran ‘boloho’- na ema harita, upami anjeuna dicandak ku apa ngalayadan ka bumi Nini di Cimanggu, anjeuna mah sanés lebet, ngababanding wéh di pipir bumi sateuacan dirawu ku ini mah ! ( ibu mah sok bari ngagelenyu imut raos pami ngagambarkeunana ogé ) .
Angkat ka Bandung harita Apa dagang bako, parlan, ngampar di jalan. Upami ema mah kekeleyengan ngider icalan kécap, ngalebetan ka tukang baso, kupat, sareng sajabina. Ninggang di ema nu geulis, budak kénéh tur tawekal, sadérék anjeuna nu heman ti jihat ramana masihan modal, wios ema muka warung wéh, tong aprak-aprakan pimelangeun.
Khusyu dadagangan, hilap ngurusana awak, bari teu patos kabantuan ku apa, da apa gaduh getih janten palayan ummat ti luhurna anjeuna neraskeun sakolana sareng ngaluaskeun wawasana di Pajagalan, ema nambru teu damang wales ampir sataun. Ku lamina anjeuna teu damang, lanceuk awéwé kuring nu masih kénéh orok diurus ku ma Haji, rai apa, jadi diaku-aku ku anjeuna teu dipulangkeun deui, duh !.
Basa kuring masih kénéh leutik pisan, tugas teh camperego nungguan dagangan kuéh noga kengingna, nu mulek aya dina émutanana éstu mung milarian, sanés nyuhunkeun ka apa.
Waktos Nini miwarang Apa uih ka Ciawi kedah ngadamel sakola di lembur, da Apa tos diistrénan janten Guru harita téh, anjeuna tumut. Ngadamel sakola téa bari di kampung nu teu merlukeun iuran da teu baroga duit, atuh gajih anjeuna muklis séép dibagikeun ka padamel-padamelna. Tuang leueut anjeuna oge keluarga, ema nu milarian, anjeuna nyawah. Puji sareng syukur ka Gusti sok sanaos anjeuna diparin warisan sakedik waktos Nini ti jihat ibuna pupus, oge paparin emih, hasil tina nyawah ema teh nyekapan. Jang biaya sakola kuring sadulur-dulur anjeuna sok ngadamelan sukro jeung sajabana nu sok diiangkeun ku kuring ka pasar atawa buburuh ngabordel ka ma Haji nu ngaku-ngaku anak ménta paksa lanceuk kuring tea ( Allah Yarham ! ).
Ningali si Kakang jeung si Ceuceu tihothat ngurus warung bari jeung ngagilir-gilir kuliah, da amun ceuk apa kudu mantuan néangan duitna ari harayang kuliah mah, jeung margi apa tos pangsiun, pami ema ngalongokan ka Bandung teh sok tara énggal mulih, mun hayang maju warung mah tong loba ditutup, kitu panginten pangalamanana. Seringna di kantun akhirna apa bilut, ngalih ogé ka Bandung.
Sanajan di hulag wios lirén ngawarung, komo kedah cape ngaleres sawah da putra tos arageung tur naranjung, teu ieuh ngadangu anjeuna téh. “keun weh ulah dhulag, anggap weh olah ragana”, kitu ceuk kang Ahmad nu jadi dokter, basa putuna, Sandi jeung Munawar sok héman mantuan mah nya rada luas eureun ngahulag téh.
Ari ka Harom téh seseringna mah kuring jeung indungna barudak mah méméh Ashar, lamun bérés thawwaf tempat pavorit I’tikaf téh tempat antara hijir Ismail jeung rukun Yamani, rada tumaninah teu pati pasesedek. Ĕndahna langit kota Mekkah wanci surupna panonpoé teu bisa kagambarkeun. Tafakur ngahisab diri bari neuteup ka’bah nu Agung nu keur di sorot ku panonpoé. Sok tara karasa mata téh beueus ku cimata mun kuring neutup hijir Ismail. Di tempat éta istrina nabiyullah Ibrahim nu tawekal téh linggih oge dikurebkeunana, anjeuna diparin kahormatan sabumi sareng Nu maha Kawasa. “ Teu sah thawwaf lamun teu kakurilingan Hijir Ismail’, kitu Nabi wasiat.
‘ Ya Allah, sanajan abdi mah lain anakna nu soléh, tampi ieu pamenta, angken ogé Ema di Bumi Anjeun “ ( kang didin)