Senin, 18 Agustus 2008

Simpay

Mimitina kulawarga teh diwangun saukur kuduaan, ema jeung bapa. Kuduaan wangunan kulawarga diadegkeun kalawan rupa-rupa "romantika" jeung "ritme" na anu mere warna kana utuhna kulawarga. Suka-bungah, pait-amisna kahirupan karasa mapay waruga, nyerep tur ngeusi getih diri anu bakal mere ciri nu mandiri kumaha adegan kulawarga nu rek ngajangelek, naha sakinah-mawaddah jeung pinuh rohmat atawa sabalikna awet rajet malah pejet. Ieu kabeh gumantung kana paniatan (motivasi) masing-masing jeung gumantung oge kumaha nyikepan ka-aya-an, naha sabar jeung tawekal bari teu bosen narekah atawa ngarasula jeung putus asa. Jigana rupa-rupa kaayaan teh kaalaman ku ema jeung bapa ngan lolobana kaayaan, tarekah jeung watek nu aralus da buktina geuning wangunan kulawarga nu ngajangelek hasil heuyeukan ema jeung bapa teh rendey bari weweg, repeh-rapih sarta tetep bisa mertahankeun amanat marantenna: ngajaga silaturrahmi jeung ajen kulawarga, ieu ngabuktikeun barokahna kulawarga sakinah ema jeung bapa.Tah, Simpay teh mangrupa hiji bukti teu langsung hasil tina binaan ema jeung bapa.

Baktos sareng hormat putera kanggo ema kalih bapa. Allohummaghfirlahumaa w'afihimaa wa'fu'anhumaa. amiin

7 komentar:

ti Karawang mengatakan...

Ih ari adi, make jeung nyieun poling sagala, jeung hese deuih !. keun weh da urang teh rek mere lin ?. rek ngintunan aranjeuna nu tos pupus ka sedekah sakadada sakaduga ka nu jadi dulur, asa teungteuingeun mun sakadar sedekah semu nu hade atawa ngahampura ka nu jadi dulur atawa ngadungakeun ge teu daek,terus nyieun alesan teu mampuh, kumaha teuing kajantenana aranjeuna nu di alam kubur, teus urang di doja ku budak,da geus kitu hukumna pan, duh na'udzubillah tsumma na'udzubillah.
prung mangprung urang terus hirupkeun dibarengan niat ngintun kasaean ka aranjeunna make jalan NGURUS warisanana. Puguh akang teh rada rada bolot, ari warisan teh nu benerna diURUS atawa diBAGI sih ?. ning ari karajaan mah tara aya babagi da ?. Mun dibagi teh rada lung-leng da ari nu rieuh si ceuceu jeung sabangsana, ari nu bagean gedena akang ?. Nuhun ka adi nu geus ngurus adi akang kalawan sampurna, komo mun engke di mahkamah ku nu kawasa mere kasaksian yen adi akang, teh, si nia, bener-bener teu nguciwakeun dunia aherat, malar mandar apa, ema oge emih diparin kaistimewaan bonus ti Anjeunna, ditempatkeun caket sareng nabina sesuai sareng jangji nabina, duh. Jazakallah.
Ngarojong ieu blog, ameh teu panjang teuing kumaha amun ngaranna pondok weh, cukup SIMPAY ameh kesanna kuat jeung rada konvergen, kumaha ?. Ieu teh waktuna pas banget, nisfu sya'ban !, mendak sataun pupus ema kalih emih. wilujeng ibadah shaum, mugia urang diparin yuswa sareng berkah sahingga tiasa shaum tur ditampi shaumna, dihapunten sagala lepatna. diantos hadiah lebaranana !.
Sakitu heula bae, nuhun pisan tos mitembeyan, Hidep geuning pamingpin teh !

ti Karawang mengatakan...

Assalamualaikum wr.wb.
Lamun ieu blog dibuka ku polling, maksudna mah, simpay teh rek diwangun ku leungeun di luhur atawa di handap sih ?. lamun dihandap mah nya matak picerewedeun tea. Lamun di luhur, salamet, jigana ( jigana da amun teu dijurung ku ikhlas mah duka teuing ). Tapi keun weh urang bismillahan, urang tawekal weh. Boa du’a dulur urang dina pangsujudan tahajjudna leuwih utama mungguh Allah ?.
Foto tetha urang tambahan ku dongeng si teteh nya.
Si teteh mah ayeuna teh keur opak cenah, ospek meureun maksudna mah, neda du’a ti sadaya na sing tetep tumetep aya dina pangjagaan Manten-Na, sing bisa ngajaga dirina nu jadi modalna, sing jadi jariyyah ka nu mikanyaahna, utamana mah ka indungna nu geus ripuh ngurusanana, amien.
Rek sina cicing di bumi ema si teteh teh, ameh ngirit biayana jeung sina diajar jadi palayan, sina singer nyugemakeun batur, utamana dulur-dulurna. Ngan rumasa atah atikan, lamun kurang nyugemakeun teh, hapunten, abdi nu salah, neda tawaquf wae.
Mung sakitu heula ,hatur nuhun.

Aagan mengatakan...

Mang, komentar 1 tentang simpay sepertinya mispersepsi. lepat ngungkapkeu kana tulisan.

Teras poling pami tiasa tetep di pasang margi sae pisan manfaatna.
1. ngajaga rahasia pengirim.
2. meh tiasa nengtoskeun suara terbanyak.

Pami tiasa tambihan deu ku pertanyaan :
1. bagaimana pendapat anda, Apabila salah satu aset simpay dialihkan ke aset yang lebih bermanfaat.
- setuju, alasannya?
- tidak setuju, alasannya?
2. Apakah anda setuju adanya tabungan haji jalur wisata?

salam simpay,
gagan

ti Karawang mengatakan...

Bismillah .
Basa apa, Allah Yarham, naros ka kuring kumaha alusna, akuntan nu datang mariksa keuangan usahana perlu henteuna di tampiling ku amplop, jawaban teh ulah, harita mah asa pang santrina we. Anjeunna rupina nyaluyuan ieu pamanggih. Basa minggu hareupna kuring ngarencangan anjeuna ka bank nanyakeun nasib kiriditan teh hasilna sesuai harepan, nyamos, teu ditedunan, tapi lain pedah teu dibere amplop, cenah mah bongan injeuman nu ti heula ge ku apa teu dianggo ngembangkeun usahana, tapi diselewengkeun dianggo ka Mekkah !. Memang basa anjeunna dipaido ku si atah adol teh, pedah pausahaan apa teu aya kamajengan, anjeunna ngangken yen artos tambutanana nu ti payun teh dianggo ka Mekah. Duh ari apa !.
Palias, ampun paralun rek ngalepatkeun apa, ieu mah meureunan, amun si Ceuceu kekeleyengan aprak-aprakan nepi ka Banjar anjuk ngahutang hayang ka Mekkah, atawa kuring tug ka kiwari masih keneh boga hutang urut beaya indit ka mekaah teh meureun aya ti dituna ? ( sanajan saurna ibu mah tong dipikiran tong diomong-omong da lain ngahutangkeun, eta mah umum cariosan sepuh pan, da urang ge ning ari ka budak mah tara ieuh aya pikiran rek ngahutangkeun).
Waktos bade angkat, aranjeunna naros, hayang dioleh-olehan naon engke ti Mekkah, jawab teh du’akeun we abdi mah sing janten jalmi nu soleh. Eta mah pasti, saur Apa, Naon deui ?. Apal kana hobbyna, ngaos Qur’an, jawab teh eta we Qur’an nu sok diaosna di Mekkah kanggo abdi. Heug, walerna. Bilih anjeuna hilap, waktos anjeuna nyeratan yen anjeuna tos aya di Mekkah, gutrut nulis serat perkara pesenan du’a tea, ditambahan abdi ge hayang ditakdirkeun bisa ka mekah. Nah, tambahan pamenta ieu jigana nu jadi masalah teh, teu dilengkepan ku kalayan teu kudu ngahutang !, jadi weh . . . .
Mendak tahun pananggalan apa pupus teh pas si Kakang sms netelakeun anjeuna nuju di madinah taun kamari mah, mudah-mudahan du’a Kakang diraudhah di kabul, anjeuna miwah istri oge ibu ramana diparin rohmat kubur, amien.
Guling gasahan can jarah ka makamna , tapi embung indit-inditan da sieun kumaha onam tuluy teu tulus indit ka Mekkah, indung barudak jadi milu-milu rieut. Ditegeran ku indung barudak,sakantenan nepangan rai-raina kuring ngawani-wanikeun maneh ka ciawi ziarah ka makam anjeun nu ngempel sareng ahli-ahlina, ngadon ceurik. Basa anjog ka Mekah terus thawwaf Qudum, taya lian ngan ceurik jeung ceurik weh, lebeng teu ngadu’a nanaon thawwaf teh , emut apa, du’ana dikabul ku gusti.
Warisan apa teh seueur geuning !.

Unknown mengatakan...

Mang langsung wae nya, pami pasang iklan atanapi foto dina blog ieu tiasa teu ?? pami tiasa abi bade pasang gambar lauk..he..

Anonim mengatakan...

Mangga bade pasang iklan mah ( bisnis ikan?, wah bisnis basah yeuh! ). Masukan saja pada komentar, ke ditampilkeun di payun. Diantos !

Aagan mengatakan...

Assalamualaikum...

Alhamdulilah simpay tos gaduh blog tersendiri, tapi dalam versi bahasa indonesia. :)

Ini nama blog nya : www.simpay.blogspot.com

hatur nuhun.