Rabu, 15 Oktober 2008

Lebaran Taun Hareup

Ieu mah hasil ngobrol kuring, wa Aam, mang Hasan jeung mang Iman kamari :
1. Lebaran hareup mah urang usahakeun di lembur, nostalgia bari meh imeut silaturahim ka baraya teh. Urang ngawangun makam-na ongkohanan.
2. Di imah ema we, bae sangsara oge ( daripada ngaripuhkeun batur sok . . . . !? )
3. Ari pertemuan mah can ditangtukeun tempatna, bisa di imah ema, di ma Haji atawa di teh Enok di Jogi.
4. Pertemuan teh urang sakalian nyunatan si Hilmi, Fadhil, Ali, jeung lian-na ( misal mang Hasan bisi hayangaeun deui ).
5. Urang nyieun album gambar kulawarga.
6. Acara pertemuan formatna kudu beda, meh teu bosen
a. Nu mangku-na nya kum sakabeh pangurus simpay tea.
b. Tong aya pidato-pidatoan, acara teh ngan saukur sasalaman hate, patangkeup-tangkeup beungeut, syukuran ka Gusti ditakdirkeun jadi anak ema, katurunan apa urang Cimanggu.
c. Tong nyieun panggung, tapi sadiakeun tempat mah bisi aya nu hayang ngageol-geol bujur hareupeun dulur.
d. Menu urang penta si bi Elis nu tanggung jawa, sina nyambel Cibiuk nu ladaaaaaaaaa pinan, ambeh irit biaya jamuan tapi teu matak nyeri beuteung.
e. Kabeh acara di jeung dulur nu hadir didokumentasikeun, jang tahun hareupna ( ngaringan ringan pamangku sejenna ).
7. Nu lainna mah tanya Gagan, notulen-na
(Kang Didin)

2 komentar:

ti Karawang mengatakan...

Nu Nebus.
Alam dunya téh buleud alus ayeuna mah, aya foto Emih nu nuju kagerahan ngiplik-ngiplik kabayana payuneun Ema nu nuju canéot !.
Emih teh ibuna Ema. Kunaon bet panggilanana Emih kuring teu apal, ari apa mah anèh, sok nyebatna tèh Aceuk !, mungkin aya katalian dulur ti luhurna, tapi duka saha jeung kumaha kuring teu ngarti.
Maksad naur ngalunasan nebus kalepatan anjeuna nu èlèh nyerah ku kaayaan zaman gorombolan , sahingga kirang tiasa ngamumulè ema, putra hiji-hijina, sadaya putra Ema ditangkes diurus dimumulè ku anjeunna. Saking ku sagala rupana, sajaba urusan beuteung nu diutamakeun, ogé imeut dicabak sagala urusan perkara tékték-bengék ngabèbèrès bumi, pakarangan katut kamar-kamarna, lamun téa mah leres Nabi pernah nyarios kitu - waktos anjeuna medar tanda-tanda akhir zaman - kuring mah sok remen gegebegan upami ningali anjeuna nuju barang damel bari jeung teu lirén-lirén tèh, boa-boa kiamat tèh rèk isukan ?. kuring teu nginjeum mata geus ningali sepuh nu kumawula barang damel di bumi ngalayanan putra-putuna badis badèga.
Duh boa isukan langit tèh runtuhna ?, geus cunduk waktuna, tiba mangsana, ibu ngajadi babu anak-anakna.
Saenggeusna adi kuring nu lucu, Yani, pupus alatan solatri sabab teu sarapan heula mèmèh indit sakolana, didamelna langkung-langkung gesut. Ngong adzan shubuh, bèrès solat téh geus ngajagrag sangu ngebul jeung alakadar rèncangna keur sarapan. Di hawu anjeuna tos mirun seuneu ti jam dua kènèh, bahkan sateuacan anjeunna solat tahajjud !. Tong nyoba nyoba indit sakola lamun teu sarapan heula, matak dirangkèt digebugan ku anjeuna plus dimitlariur ku mariem cariosanana.
Tara aya nu teu kabagèan rèncang sangu, komo sanguna mah. Lamun hayang nyobaan ngadangu peureus cariosanana, cobaan sarakah di mèja makan. Si Lili mah, adi kuring nu bedegong, sok nineung ka anjeuna tèh. Ku sabab ripuh nèangan kipayah, balik ka imah tèh tara tangtu waktu, tapi sanajan kitu, tara ieuh henteu dahar teu kabagéan, da lamun manèhna datang rèk iraha baè waktuna, kaciri lapar beuteungna can kararaban dahareun, tara tataros, anjeuna teras nyandak konci muka lomarina nu di tengah imah, bagèan manèhna ku anjeuna lain ngan saukur tos disiapkeun, tapi disimpen dina lomari nu di konci. Ya Allah, Ya Karii . . .imm.
Lain ngan ka si Lili incuna kituna tèh, ka kabèhanana, ku anjeuna ditilik di catet dina èmutanana saha nu atos jeung nu teu acan kabagéan. Pasakanana sanajan teu seneng seueur nganggo bungbu, komo vècin mah bararaid, raos pisan. Upami anjeuna tos ngadamelkeun sop lauk emas atanapi beuleum lauk bungbu cobèk, wuih salangit wèh, Indung barudak mah lamun sakalina dipèntaan tulung pangnyieunkeun masakan nu disyaratan sapertos masakan kènging anjeuna tèh - jang ubar kangen kuring ka anjeuna - batan prak ngagawèan ngamuk nu aya tah si Jenong warisan Apa tèh.
Tara ieuh teu damang anjeuna mah. Berkah tina dawam tahajjud sareng katuangan nu kajagi tèa rupina. Pami sakalina ngaraos teu raraos badan, cekap ku meuncit hayam hiji teras di sop bungbu jahé, dituang disèèpkeun ku nyalira tos janten landong mujarabna kanggo anjeuna mah.
Ka ajengan Aos di Mekah kuring nanyakeun meunang henteuna amun kuring Umroh kanggo hadiahan anjeuna nu nuju wales alatan yuswa, hatè teh ngemplong bungah waktos waleranana saluyu jeung kahayang. “ Akang pernah manggih kateranganana “ saurna ningali kuring nu hayang ngadèngè jawaban teges. Dina pangsa’ian antara Shofa jeung Marwah pameunteuna ngagantung na mata kuring. Ya Allah Ya Rabbi, taqabbal minnii . . . !
Ngaraos yuswana nu mingkin sepuh, ka ahlina nu sakirana rèk merkarakeun kakantunna, da keur putrana hiji tèh awèwè deuih, anjeuna sok tèlèmbèng nyarios tarik, mastikeun anjeuna mah geus teu boga nanaon, kabèh bèak dipakè ku anjeuna. Mèmang sagala hèlah ku anjeuna dipilari ambèh bisa numpahkeun kagunganana muklis ka putra putuna. Sawahna diical, artosna diakadkeun dipasihkeun ka putrana wios gaduh bumi di Bandung tong nepi ka ngontrak, sèsana diicalan deui baé dianggo ongkos haji sareng ngongkosan putra-mantuna, sadaya kagunganana diical bari artosna duka dikamanakeun anging Allah nu uninga.
Teu kagungan pamundut anjeuna mah iwal alim dikantun-kantun, komo bari lami, ku Ema. ‘Ngahamba’ ka jalma nu teu harideng , bari tara pisan utuh étah nyuhunkeun dilayanan paling ménta dibantuan bari teu ieuh kudu da seringna mah paréntahna téh sok prak ku anjeuna dipidamel, ngabalukarkeun musibah ageung, waktos anjeuna repot teu damangna, kabéh, bener-bener kabéhna téh, teu nyaho kumaha carana nu pantes nebus kasaéan ku jalan ngaleres ngamumulé sepuh anu parantos udzur teu walakaya, duh Gustiii . . . !. Malar ngurusanan, Ema mah malah ngiringan wales. Ema tambih-tambih walesna waktos anjeunna pupus, alim tuang leueut. Sataun persis ti pupusna Emih, Ema nyusul. Satiap tadarusan pameunteu aranjeuna nu parantos jadi jalan kuring aya jeung nu mikanyaah pisan teh haladir ngagantung na juru panon, lamun nepi kana ayat paréntah kudu istigfar keur indung-bapa, kuring sok rada lila ngarandeg téh, ci mata ngahalangan bacaeun, padahal kuring hayang buru-buru maca terusanana, nu nétélakeun yén Anjeuna ngajamin Anjeuna uninga lebeting manah satiap hamba-hambaNa, Anjeuna tangtos mafhum teu béda ti kuring, dulur-dulur kabéh ( boa Ema oge, duh ! ) , ngan saukur boga hayang, tuna kamampuh bisa nebus ngabales mulang tarima ka nu jadi sepuh. Kuring keur manén buahna jadi jalma teu hideng, mugia Anjeuna kersa nampi taubat kuring, amin . . .
Keur kuring mah Imah di Bandung téh monumén kuring boga Emih sajaba ti Ema téh, jang panginget-nginget Emih, oge Ema, aranjeuna nu nuju narungguan kiriman istighfar jeung du’a ti jariyahna, sajaba paranti titirah jiwa kuring nu tuna.
Tapi sanajan kitu, sabab nu dititipanana geus parupus, éta monumén téh kiwari tangtuna geus jadi milik Allah, balik kanu kagunganana, nu dijelaskeun kalawan jéntré kumaha cara ngurusna dina Qur’an,
“ Nun Gusti Abdi Ikhlas kana ieu katetepan, namung parin abdi gentosna nu langkung saé mungguh Anjeun, Amin . . . “.

ti Karawang mengatakan...

Sajarah Gundul
Pernah namu tapi teu dibèrè semu ku katatamuan, komo bari teu dijamu ?
Kuring mah ngalaman, malah leuwih ti kitu !, ditolak waktu masih kènèh di pantona, diusir , duh . . . .
Ningali sarèna nu ngageubra, balas capè maksa awak dipakè ibadah mangpang-meungpeung tiasa nohonan uleman nu Murbèng Alam, janari harita mah kuring tèh teu dibèrè wani ngahudangkeun, watir.
Sorangan kencling indit ka Harom, di Harom mah tahajjud teh daèk, resep da loba batur. Nepi ka meletèk panonpoè di Harom, bèrès shalat dhuha kuring balik ka maktab, dunga-dengo nèangan pamajikan nu suwung, bu Mona –batur sakamar- kagèt, ari sugan euweuh teu ningali pamajikan basa manèhna hudang tèh, si Jenong tadi bareng ku kuring diajak ka masjid saperti biasana, cenah.
Basa indung barudak datang bari angkaribung mawa balanjaanana jang sarapan isuk tèh, manèhna ngèbrèhkeun beungeut camberut, ngambek pèdah teu diajakan ka Harom, atuh amarah tèh tambah-tambah, amarah nu rèk ngambek dipiheulaan ngambek tèa geuning meureun apal.
“ To’at pamajikan ka salaki mah ibadah nu leuwih utama ceuk Nabi ogè” ceuk kuring mamèrkeun kakawasaan.
“ Batesanana ? “, tangkes pisan manèhna nembal.
“ Balesanana” , jelegur bom rakitanana di pongpokkeun kana ceuli kuring.
Batur sakamar -Bu Mona sareng carogèna, oge pa Ujang- kabur kaluar maktab pada embung jadi saksi perang campuh pikaèraeun antara Yahudi Israel nu digjaya ngalawan bangsa Palestina nu teu walakaya ngan saukur tawekal.
“ Lain kitu “, ceuk si Israel nurunkeun tènsi, “ Tadi tèh sarèna tibra naker, keun weh ulah bebèakan, bisi gering, mopo, padahal urang teh pan can hajian ”.
“ Moal, percanten weh ka Gusti “, tembalna tawekal.
Waktu kuring rèk pamit hayang ngintun sepuh ku hadiahan ibadah Umroh kuring , manèhna hayang milu. Bisi jadi matak ngadat deui, ku kuring diajakan bari terus dibayar lunas dengda-na, dianteur-anteur nèangan olèh-olèh nu pantes keur budak-budakna.
Gura-giru wudhu da wanci lohor geus kasorang, kuring jeung induk budak muru panto babussalam saperti biasana. Iwal pamajikan, kuring disuntrungkeun ditolak teu meunang asup, wah . . ., naha ? Nempo kitu indung budak kaluar deui, embung asup ari teu jeung kuring mah
“Eta pèdah cacandakan panginten Pa, wios ku abdi cacandakana “, manèhna ngatur strategi, ahlina manèhna mah.
Sanajan barang bawa geus ku manèhna bari jeung asupna ka panto nu lain, iwal manèhna, kuring tetep ditolak, gustii . . . !. Ningali galagat kitu, bari bisi katinggaleun salat berjamaah, kuring mènta manèhna terus asup, teu kudu kaluar deui ngabèlaan kuring.
Sorangan nèangan panto nu lain , kuring usaha hayang diwidian asup ka bumi-Na, tetep ditolak . . . !!
Duh, harita kuring solat di panto Harom, shalat ruku-sujud dina tanggana bari ceurik, naon atuh kasalahan aing ?!.
Basa manèhna kaluar ti Harom ningali kuring nu kusut ngajanteng nungguan manèhna, manèhna ngalieus teu wani nempo. Waktu sorèna kuring ka harom deui rek salat magrib bareng , manèhna balaka, waktu manèhna sedih ku kuring ditinggalkeun ka Harom komo jeung dicarèkan sagala bari ngèbrèng-ngèbrèng kakawasaanana, manèhna tahkim ka Nu Gaduh Bumi, nyuhunkeun ditunjukkeun saha nu salah.
Kuring ngabetem, isin ku Nu Gaduh Bumi, Anjeuna alimeun Bumi-Na nu Agung katatamuan ku salaki nu boloho nafsirkeun harti imam sakarepna, ngabaèkeun wasiat Nabina waktos Wada’ bari gejul ngaberung napsu aniahna. Haji tèh pan bab prèstatifna carogè alatan pangrojong istri nu tawekal solèh ?. Naon atuh maksadna thawaf teu sah upami bumina teu kakurilingan ?. Sa’i ?. Lalakina atawa awèwenè sih nu sosoranganan daèk dikantun pasanganana, wani calik di lembah batu Mekah nu euweuh cai bari jeung ngangais orok dibekelan ransom sakadarna sèsa perjalanana ti palèstina, da ngan sakitu nu mampuh kabawana ku onta ?. Laksana kitu ibadah Qurban mun anjeuna, istri nu mulia tèh, tetep ngeukeuweuk putra nu ngan hiji-hijina, nu ngan rumaja èta nu ngarèncangan ngareres èta bait Allah teh ?. Ngabulubus kuring asup ka Hijir Ismail bèrès thawwaf tèh, teu jiga kamari, lalega geuning ayeuna mah. Teuing ku bangsa naon harita sholat kuring dijaga ku duaan, Ka’bah ku kuring ditangkeup samampuh leungeun, ti pipi nepi ka dada nèmpèl kana dindingna,ngadu’a mènta rohmatna digolontorkeun ka kuring ti mizab-na, teu karasa awak morosot ngadèprok na pondasina, hèsè bijil jiga nu dijagaan, meureun dipaksa sing wareg ceurikna.
Tahallul tèh mènta ku indung budak kuring mah, hampurana si Jenong awèwè meunang milih apa almarhum ku kuring dipènta paksa.
Sirah polontos gundul, makuta kahormatan can pantes ngahias sirah kuring !.

tasyabinzyanismail@gmail.com