Minggu, 19 Oktober 2008

Nu Nebus.



Alam dunya téh buleud alus ayeuna mah, aya foto Emih nu nuju kagerahan ngiplik-ngiplik kabayana payuneun Ema nu nuju canéot !.

Emih teh ibuna Ema. Kunaon bet panggilanana Emih kuring teu apal, ari apa mah anèh, sok nyebatna tèh Aceuk !, mungkin aya katalian dulur ti luhurna, tapi duka saha jeung kumaha kuring teu ngarti.
Maksad naur ngalunasan nebus kalepatan anjeuna nu èlèh nyerah ku kaayaan zaman gorombolan , sahingga kirang tiasa ngamumulè ema, putra hiji-hijina, sadaya putra Ema ditangkes diurus dimumulè ku anjeunna. Saking ku sagala rupana, sajaba urusan beuteung nu diutamakeun, ogé imeut dicabak sagala urusan perkara tékték-bengék ngabèbèrès bumi, pakarangan katut kamar-kamarna, lamun téa mah leres Nabi pernah nyarios kitu - waktos anjeuna medar tanda-tanda akhir zaman - kuring mah sok remen gegebegan upami ningali anjeuna nuju barang damel bari jeung teu lirén-lirén tèh, boa-boa kiamat tèh rèk isukan ?. kuring teu nginjeum mata geus ningali sepuh nu kumawula barang damel di bumi ngalayanan putra-putuna badis badèga.
Duh boa isukan langit tèh runtuhna ?, geus cunduk waktuna, tiba mangsana, ibu ngajadi babu anak-anakna.
Saenggeusna adi kuring nu lucu, Yani, pupus alatan solatri sabab teu sarapan heula mèmèh indit sakolana, didamelna langkung-langkung gesut. Ngong adzan shubuh, bèrès solat téh geus ngajagrag sangu ngebul jeung alakadar rèncangna keur sarapan. Di hawu anjeuna tos mirun seuneu ti jam dua kènèh, bahkan sateuacan anjeunna solat tahajjud !. Tong nyoba nyoba indit sakola lamun teu sarapan heula, matak dirangkèt digebugan ku anjeuna plus dimitlariur ku mariem cariosanana.
Tara aya nu teu kabagèan rèncang sangu, komo sanguna mah. Lamun hayang nyobaan ngadangu peureus cariosanana, cobaan sarakah di mèja makan. Si Lili mah, adi kuring nu bedegong, sok nineung ka anjeuna tèh. Ku sabab ripuh nèangan kipayah, balik ka imah tèh tara tangtu waktu, tapi sanajan kitu, tara ieuh henteu dahar teu kabagéan, da lamun manèhna datang rèk iraha baè waktuna, kaciri lapar beuteungna can kararaban dahareun, tara tataros, anjeuna teras nyandak konci muka lomarina nu di tengah imah, bagèan manèhna ku anjeuna lain ngan saukur tos disiapkeun, tapi disimpen dina lomari nu di konci. Ya Allah, Ya Karii . . .imm.
Lain ngan ka si Lili incuna kituna tèh, ka kabèhanana, ku anjeuna ditilik di catet dina èmutanana saha nu atos jeung nu teu acan kabagéan. Pasakanana sanajan teu seneng seueur nganggo bungbu, komo vècin mah bararaid, raos pisan. Upami anjeuna tos ngadamelkeun sop lauk emas atanapi beuleum lauk bungbu cobèk, wuih salangit wèh, Indung barudak mah lamun sakalina dipèntaan tulung pangnyieunkeun masakan nu disyaratan sapertos masakan kènging anjeuna tèh - jang ubar kangen kuring ka anjeuna - batan prak ngagawèan ngamuk nu aya tah si Jenong warisan Apa tèh.
Tara ieuh teu damang anjeuna mah. Berkah tina dawam tahajjud sareng katuangan nu kajagi tèa rupina. Pami sakalina ngaraos teu raraos badan, cekap ku meuncit hayam hiji teras di sop bungbu jahé, dituang disèèpkeun ku nyalira tos janten landong mujarabna kanggo anjeuna mah.
Ka ajengan Aos di Mekah kuring nanyakeun meunang henteuna amun kuring Umroh kanggo hadiahan anjeuna nu nuju wales alatan yuswa, hatè teh ngemplong bungah waktos waleranana saluyu jeung kahayang. “ Akang pernah manggih kateranganana “ saurna ningali kuring nu hayang ngadèngè jawaban teges. Dina pangsa’ian antara Shofa jeung Marwah pameunteuna ngagantung na mata kuring. Ya Allah Ya Rabbi, taqabbal minnii . . . !
Ngaraos yuswana nu mingkin sepuh, ka ahlina nu sakirana rèk merkarakeun kakantunna, da keur putrana hiji tèh awèwè deuih, anjeuna sok tèlèmbèng nyarios tarik, mastikeun anjeuna mah geus teu boga nanaon, kabèh bèak dipakè ku anjeuna. Mèmang sagala hèlah ku anjeuna dipilari ambèh bisa numpahkeun kagunganana muklis ka putra putuna. Sawahna diical, artosna diakadkeun dipasihkeun ka putrana wios gaduh bumi di Bandung tong nepi ka ngontrak, sèsana diicalan deui baé dianggo ongkos haji sareng ngongkosan putra-mantuna, sadaya kagunganana diical bari artosna duka dikamanakeun anging Allah nu uninga.
Teu kagungan pamundut anjeuna mah iwal alim dikantun-kantun, komo bari lami, ku Ema. ‘Ngahamba’ ka jalma nu teu harideng , bari tara pisan utuh étah nyuhunkeun dilayanan paling ménta dibantuan bari teu ieuh kudu da seringna mah paréntahna téh sok prak ku anjeuna dipidamel, ngabalukarkeun musibah ageung, waktos anjeuna repot teu damangna, kabéh, bener-bener kabéhna téh, teu nyaho kumaha carana nu pantes nebus kasaéan ku jalan ngaleres ngamumulé sepuh anu parantos udzur teu walakaya, duh Gustiii . . . !. Malar ngurusanan, Ema mah malah ngiringan wales. Ema tambih-tambih walesna waktos anjeunna pupus, alim tuang leueut. Sataun persis ti pupusna Emih, Ema nyusul. Satiap tadarusan pameunteu aranjeuna nu parantos jadi jalan kuring aya jeung nu mikanyaah pisan teh haladir ngagantung na juru panon, lamun nepi kana ayat paréntah kudu istigfar keur indung-bapa, kuring sok rada lila ngarandeg téh, ci mata ngahalangan bacaeun, padahal kuring hayang buru-buru maca terusanana, nu nétélakeun yén Anjeuna ngajamin Anjeuna uninga lebeting manah satiap hamba-hambaNa, Anjeuna tangtos mafhum teu béda ti kuring, dulur-dulur kabéh ( boa Ema oge, duh ! ) , ngan saukur boga hayang, tuna kamampuh bisa nebus ngabales mulang tarima ka nu jadi sepuh. Kuring keur manén buahna jadi jalma teu hideng, mugia Anjeuna kersa nampi taubat kuring, amin . . .
Keur kuring mah Imah di Bandung téh monumén kuring boga Emih sajaba ti Ema téh, jang panginget-nginget Emih, oge Ema, aranjeuna nu nuju narungguan kiriman istighfar jeung du’a ti jariyahna, sajaba paranti titirah jiwa kuring nu tuna.
Tapi sanajan kitu, sabab nu dititipanana geus parupus, éta monumén téh kiwari tangtuna geus jadi milik Allah, balik kanu kagunganana, nu dijelaskeun kalawan jéntré kumaha cara ngurusna dina Qur’an,
“ Nun Gusti Abdi Ikhlas kana ieu katetepan, namung parin abdi gentosna nu langkung saé mungguh Anjeun, Amin . . . “.

(Kang Didin)

2008 Oktober 18 20:52

Tidak ada komentar: