Minggu, 19 Oktober 2008

Sajarah Gundul

Pernah namu tapi teu dibèrè semu ku katatamuan, komo bari teu dijamu ?
Kuring mah ngalaman, malah leuwih ti kitu !, ditolak waktu masih kènèh di pantona, diusir , duh . . . .
Ningali sarèna nu ngageubra, balas capè maksa awak dipakè ibadah mangpang-meungpeung tiasa nohonan uleman nu Murbèng Alam, janari harita mah kuring tèh teu dibèrè wani ngahudangkeun, watir.
Sorangan kencling indit ka Harom, di Harom mah tahajjud teh daèk, resep da loba batur. Nepi ka meletèk panonpoè di Harom, bèrès shalat dhuha kuring balik ka maktab, dunga-dengo nèangan pamajikan nu suwung, bu Mona –batur sakamar- kagèt, ari sugan euweuh teu ningali pamajikan basa manèhna hudang tèh, si Jenong tadi bareng ku kuring diajak ka masjid saperti biasana, cenah.
Basa indung barudak datang bari angkaribung mawa balanjaanana jang sarapan isuk tèh, manèhna ngèbrèhkeun beungeut camberut, ngambek pèdah teu diajakan ka Harom, atuh amarah tèh tambah-tambah, amarah nu rèk ngambek dipiheulaan ngambek tèa geuning meureun apal.
“ To’at pamajikan ka salaki mah ibadah nu leuwih utama ceuk Nabi ogè” ceuk kuring mamèrkeun kakawasaan.
“ Batesanana ? “, tangkes pisan manèhna nembal.
“ Balesanana” , jelegur bom rakitanana di pongpokkeun kana ceuli kuring.
Batur sakamar -Bu Mona sareng carogèna, oge pa Ujang- kabur kaluar maktab pada embung jadi saksi perang campuh pikaèraeun antara Yahudi Israel nu digjaya ngalawan bangsa Palestina nu teu walakaya ngan saukur tawekal.
“ Lain kitu “, ceuk si Israel nurunkeun tènsi, “ Tadi tèh sarèna tibra naker, keun weh ulah bebèakan, bisi gering, mopo, padahal urang teh pan can hajian ”.
“ Moal, percanten weh ka Gusti “, tembalna tawekal.
Waktu kuring rèk pamit hayang ngintun sepuh ku hadiahan ibadah Umroh kuring , manèhna hayang milu. Bisi jadi matak ngadat deui, ku kuring diajakan bari terus dibayar lunas dengda-na, dianteur-anteur nèangan olèh-olèh nu pantes keur budak-budakna.
Gura-giru wudhu da wanci lohor geus kasorang, kuring jeung induk budak muru panto babussalam saperti biasana. Iwal pamajikan, kuring disuntrungkeun ditolak teu meunang asup, wah . . ., naha ? Nempo kitu indung budak kaluar deui, embung asup ari teu jeung kuring mah
“Eta pèdah cacandakan panginten Pa, wios ku abdi cacandakana “, manèhna ngatur strategi, ahlina manèhna mah.
Sanajan barang bawa geus ku manèhna bari jeung asupna ka panto nu lain, iwal manèhna, kuring tetep ditolak, gustii . . . !. Ningali galagat kitu, bari bisi katinggaleun salat berjamaah, kuring mènta manèhna terus asup, teu kudu kaluar deui ngabèlaan kuring.
Sorangan nèangan panto nu lain , kuring usaha hayang diwidian asup ka bumi-Na, tetep ditolak . . . !!
Duh, harita kuring solat di panto Harom, shalat ruku-sujud dina tanggana bari ceurik, naon atuh kasalahan aing ?!.
Basa manèhna kaluar ti Harom ningali kuring nu kusut ngajanteng nungguan manèhna, manèhna ngalieus teu wani nempo. Waktu sorèna kuring ka harom deui rek salat magrib bareng , manèhna balaka, waktu manèhna sedih ku kuring ditinggalkeun ka Harom komo jeung dicarèkan sagala bari ngèbrèng-ngèbrèng kakawasaanana, manèhna tahkim ka Nu Gaduh Bumi, nyuhunkeun ditunjukkeun saha nu salah.
Kuring ngabetem, isin ku Nu Gaduh Bumi, Anjeuna alimeun Bumi-Na nu Agung katatamuan ku salaki nu boloho nafsirkeun harti imam sakarepna, ngabaèkeun wasiat Nabina waktos Wada’ bari gejul ngaberung napsu aniahna. Haji tèh pan bab prèstatifna carogè alatan pangrojong istri nu tawekal solèh ?. Naon atuh maksadna thawaf teu sah upami bumina teu kakurilingan ?. Sa’i ?. Lalakina atawa awèwenè sih nu sosoranganan daèk dikantun pasanganana, wani calik di lembah batu Mekah nu euweuh cai bari jeung ngangais orok dibekelan ransom sakadarna sèsa perjalanana ti palèstina, da ngan sakitu nu mampuh kabawana ku onta ?. Laksana kitu ibadah Qurban mun anjeuna, istri nu mulia tèh, tetep ngeukeuweuk putra nu ngan hiji-hijina, nu ngan rumaja èta nu ngarèncangan ngareres èta bait Allah teh ?. Ngabulubus kuring asup ka Hijir Ismail bèrès thawwaf tèh, teu jiga kamari, lalega geuning ayeuna mah. Teuing ku bangsa naon harita sholat kuring dijaga ku duaan, Ka’bah ku kuring ditangkeup samampuh leungeun, ti pipi nepi ka dada nèmpèl kana dindingna,ngadu’a mènta rohmatna digolontorkeun ka kuring ti mizab-na, teu karasa awak morosot ngadèprok na pondasina, hèsè bijil jiga nu dijagaan, meureun dipaksa sing wareg ceurikna.
Tahallul tèh mènta ku indung budak kuring mah, hampurana si Jenong awèwè meunang milih apa almarhum ku kuring dipènta paksa.
Sirah polontos gundul, makuta kahormatan can pantes ngahias sirah kuring !.

tasyabinzyanismail@gmail.com
(Kang Didin)

3 komentar:

ti Karawang mengatakan...

Salingkuh
‘ Mang Hasan, lamun engkin barudak sèèpeun bekel, punten nya ! ‘, kitu kuring nga-sms ka emangna barudak nu keur nagadon liburan di cibiuk, di ninina si Ali, budak cikalna.
‘ Siap ‘, jawabna singket.
Saptu kamari manèhna ngurunyung ka imah, hayang panggih bari jeung laporan pèdah geus diamanatan.
‘ Barudak tèh sarolèh kang, teu ieuh ngangluh komo mènta ‘ cenah ngamimitian bari barabat terus ngablam-blam ngadongèngkeun hasil pangamatanana nitenan ieu kagiatan, ka teuing nyarita naon da pikiran kuring mah harita leupas, misah jeung jiwa, kajadian 15 taun ka tukang pasuliwer dina uteuk .
. . . . .
‘ Cenah hayang ditungguan ku Apa ‘, anjeuna maido kuciwa ka kuring nu geus jalir kana kasaluyuan.
‘ Muhun sih, namung saatos dièmut-èmut, teu saè teu lirèn-lirèn ngarèpotkeun waè Apa ‘.
Alhamdulillah puguh, sanajan bari teu mahi gajih ladang buburuh kuli pabrik tèh kuring bisa maksakeun nabung jang dipakè uang muka cicilan imah. Hayang dijurung du’a ku Apa sakalih Ema, kencling kuring ka Bandung laporan. Anjeuna baringaheun bari terus ngiring ka Karawang, sakantenan silaturrahim ka bèsanna.
‘ Teu satuju Apa mah ‘.
‘ Caket masjid Apa ! ‘, walon kuring nu kagèt geus di-veto.
‘ Heueuh, tapi teu kaharti ku apa mah, salila 15 taun huhutang . . !
‘ Euceu gè teu ngarti kana pipikiranana tèh ‘ , ibu ngiring kerung, ‘ padahal geus ditawaran ku euceu gè, geus wèh nyieun sorangan da euceu boga tanah titinggal bapana si Tita di SPG ‘.
‘ Gantian wèh, ari hayang rapih mah ‘, ibu surti ningali kuring nu beurat, èmang aing wungkul anak ibu tèh !.
‘ Keun ku Apa ditungguan nyieunna mah ‘. Apa neuteup seukeut.
Atuh akad kredit tèh dibolaykeun, nya ka saha atuh kudu nurut tèh ari lain ka sepuh nu geus nyaah ?.
Si Hasan adi pangais bungsu nyarengan anjeuna nu nuju numpahkeun kanyaahna ka nu jadi putra-mantu di Karawang. Saptu ba’da shalat maghrib berjama’ah, opatan jeung indung budak ngariung ngobrol bari makan malam. Lain ngobrol nyatana mah da nu bukti mah mung Apa nu nyarios teu aya nu wantun nyela, komo ngomèntaran anjeunna nu nuju curhat, sagala hal nu janten beungbeurat anjeuna imeut ditataan kalayan daria.
Ba’da berjama’ah shalat isya kuring pamit ka anjeunna rèk ka pabrik da kabeneran kagiliran jaga pabrik nu suwung ditinggalkeun pingpinanana sabab poe libur. Apa ngajajap nepi ka panto ku teuteup deudeuh nu moal bakal poho.
‘ Pak, pak bangun, ada telpon dari ibu ‘. Tengah peuting, Satpam ngagedor-gedor panto kamar mess ngahudangkeun kuring nu karek kaburu sare tas kukurilingan ngaroris jalanna produksi .
‘ Apa ènggal uih, ulah nyupir nyalira ‘ pamajikan nyaritana di tungtung telepon jiga nu nahan piceurikeun.
‘ Aya naon nya ?‘, kuring bingung teu paham.
Ku pa Bambang kuring dianteur balik, nyampak ka imah kuring leuleus, tuur leungit tanaga, apa di ruang tamu tos teu aya dikieuna. Jasadna ku kuring ditangkeup pageuh, inna lillahi wa inna ilaihi raaji’uuunnn . ..
Sanajan haram, cimata kuring maseuhan rarayna. Sanajan haram cai pangibakanan jasad anjeuna pacampur jeung cimata kuring duaan si Hasan. Peuting èta kèneh jasadna ku kuring diibakan dibantuan ku si Hasan. Ningali kuring nu duka keur babakti, tatangga mantuanana ngan wani nepi ka saukur ngasor-ngasorkeun cai bari mapagahan.
Mèmèh shubuh ema ti Bandung dugi ka Karawang. Beres shalat shubuh kabeh geus siap kanggo ngaberangkatkeun apa ka Cimanggu. Malaikat geus ngurus ambulan jeung mobil-mobil jang nu jajapna lengkep jeung ongkos-ongkosna, Allah Kariimm . . . , Allah tos nguningakeun balesanana ka jalmi nu alim ngahèsèkeun batur, nu teu werat ningali batur nu nuju hèsè.
Mobil tunggangan nyemprung euweuh nu wani ngahalangan, sapanjang jalan kuring ceurik balilihan diusapan ku ema nu oge duka. Wanci dluha nepi ka Cimanggu, nyampak Cimanggu geus sahèng, masjid pinuh ku nu sedih kaleungitan Apa. Mireungeuh kang Ahmad, leungeunna ku kuring didudut sina taliti mariksa Apa, bari nangkeup pageuh ka kuring nu ngaguk-guk manèhna alon ngomong ‘ urang ikhlaskeun, apa infark jantung ‘, manèhna mah ngarti da dokter.
Ku raka-raina apa kuring digalentoran, ka ema nu ngungun aranjeuna mangmentakeun pangampura keur apa, menta diridokeun sagala kalepatan apa ka nu janten istrina. Ma Haji nu randut-dut da ceurikna bari ngabrul-ngabrul rambutna jeung jajak-jejek bari nginghak menta hampura keur Apa utamana pedah apa salami ieu tos salingkuh. Anjeuna sanajan bari nganafakahan keluargana jauh tina ukuran mahi, sok nitip-nitipkeun artos jajan-na ka ma Haji, saurna tèh ari hayang mah anjeuna tèh ngadegkeun sakola agama kurikulum TK/TPA tapi sabab batesan kamampuhna, nya rèk nu temporer wè, rek dingaranan BINA ANAK ! .
Bingung ngareungeu kuring nu baluas-balieus bari jiga nu keur nahan ceurik dibèrè laporan pertanggung-jawaban BINA ANAK tèh, kalacat si Hasan naèk ka mezzanine kamar si Bintang, sarè . . . .

ti Karawang mengatakan...

Salingkuh
‘ Mang Hasan, lamun engkin barudak sèèpeun bekel, punten nya ! ‘, kitu kuring nga-sms ka emangna barudak nu keur ngadon liburan di cibiuk, di ninina si Ali, budak cikalna.
‘ Siap ‘, jawabna singket.
Saptu kamari manèhna ngurunyung ka imah, hayang panggih cenah bari jeung rèk laporan pèdah geus diamanatan.
‘ Barudak tèh sarolèh kang, teu ieuh ngangluh komo mènta ‘ cenah ngamimitian bari barabat terus ngablam-blam ngadongèngkeun hasil pangamatanana nitenan ieu kagiatan, ka teuing nyarita naon da pikiran kuring mah harita leupas, misah jeung jiwa, kajadian 15 taun ka tukang pasuliwer dina uteuk .
. . . . .
‘ Pa, abdi tèh nuju ngawitan ngadamel pondasi ‘, bungah nyarita tèh bari gap panangan apa nu nuju nyambut di lawang panto dicium.
‘ Cenah hayang ditungguan ku Apa ‘, anjeuna maido kuciwa ka kuring nu geus jalir kana kasaluyuan. Anjeuna memang tos ngajangjikeun yèn mun rèk ngawangun imah teh, syukr bin ni’mah, anjeuna kersa ngamandoran malar saluyu jeung kahayang.
‘ Muhun sih, namung saatos dièmut-èmut, teu saè teu lirèn-lirèn ngarèpotkeun waè Apa ‘.
Mèmang sabab teu diwidian ku apa, imah tèh tulusna mah nyieun sorangan, tadina mah hayang jiga batur nyicil nu geus jadi .
Alhamdulillah puguh gè, sanajan bari teu mahi gajih ladang buburuh kuli pabrik tèh kuring bisa maksakeun nabung jang dipakè uang muka cicilan imah. Hayang dijurung du’a ku Apa sakalih Ema, kencling kuring ka Bandung laporan. Anjeuna baringaheun bari terus ngiring ka Karawang hayang ningali, sakantenan silaturrahim ka bèsanna.
‘ Teu satuju Apa mah ‘.
‘ Caket masjid Apa ! ‘, walon kuring nu kagèt geus di-veto.
‘ Heueuh, tapi teu kaharti ku apa mah, salila 15 taun huhutang . . !
‘ Euceu gè teu ngarti kana pipikiranana tèh ‘ , ibu ngiring kerung, ‘ padahal geus ditawaran ku euceu gè, geus wèh nyieun sorangan da euceu boga tanah titinggal bapana si Tita di SPG ‘.
‘ Gantian wèh, ari hayang rapih mah ‘, ibu surti ningali kuring nu beurat, èmang aing wungkul anak ibu tèh !.
‘ Keun ku Apa ditungguan nyieunna mah ‘. Apa neuteup seukeut.
Atuh akad kredit tèh dibolaykeun, nya ka saha atuh kudu nurut tèh ari lain ka sepuh nu geus nyaah ?.
Si Hasan adi pangais bungsu nyarengan anjeuna nu nuju numpahkeun kanyaahna ka nu jadi putra-mantu di Karawang. Saptu ba’da shalat maghrib berjama’ah, sambil istirahat tos papanasan ngamandoran nu keur nyieun imah, opatan jeung indung budak ngariung ngobrol bari makan malam. Lain ngobrol nyatana mah da nu bukti mah mung Apa wungkul nu nyarios teu aya nu wantun nyela, komo ngomèntaran anjeunna nu nuju curhat, sagala hal nu janten beungbeurat anjeuna imeut ditataan kalayan daria.
Ba’da berjama’ah shalat isya kuring pamit ka anjeunna rèk ka pabrik da kabeneran kagiliran jaga pabrik nu suwung ditinggalkeun pingpinanana sabab poe libur. Apa ngajajap nepi ka panto ku teuteup deudeuh nu moal bakal poho.
‘ Pak, pak bangun, ada telpon dari ibu ‘. Tengah peuting, Satpam ngagedor-gedor panto kamar mèss ngahudangkeun kuring nu karèk kaburu sare tas kukurilingan ngaroris jalanna produksi .
‘ Apa ènggal uih, ulah nyupir nyalira ‘ pamajikan nyaritana di tungtung telepon jiga nu nahan piceurikeun.
‘ Aya naon nya ?‘, kuring bingung teu paham.
Ku pa Bambang kuring dianteur balik, nyampak ka imah kuring leuleus, tuur leungit tanaga, apa di ruang tamu tos teu aya dikieuna. Jasadna ku kuring ditangkeup pageuh, inna lillahi wa inna ilaihi raaji’uuunnn . ..
Sanajan haram, cimata kuring maseuhan rarayna. Sanajan haram, cai pangibakanan jasad anjeuna pacampur jeung cimata kuring duaan si Hasan. Peuting èta kèneh jasadna ku kuring diibakan dibantuan ku si Hasan. Ningali kuring nu duka keur babakti, tatangga mantuanana ngan wani nepi ka saukur ngasor-ngasorkeun cai bari mapagahan sing kuat.
Mèmèh shubuh ema ti Bandung, da anjeuna nyelang mulih pèdah gaduh wawarungan, dugi ka Karawang. Bèrès shalat shubuh kabèh geus siap kanggo ngaberangkatkeun apa ka Cimanggu. Malaikat geus ngurus ambulan jeung mobil-mobil jang nu jajapna lengkep jeung ongkos-ongkosna, Allah Kariimm . . . , Allah tos nguningakeun balesanana ka jalmi nu alim ngahèsèkeun batur, nu teu werat mun ningali batur nu nuju hèsè.
Mobil tunggangan nyemprung euweuh nu wani ngahalangan, sapanjang jalan kuring ceurik balilihan diusapan ku ema nu oge duka. Wanci dluha nepi ka Cimanggu, nyampak Cimanggu geus sahèng, masjid pinuh ku nu sedih kaleungitan Apa. Mireungeuh kang Ahmad, leungeunna ku kuring didudut sina taliti mariksa Apa, bari nangkeup pageuh ka kuring nu ngaguk-guk manèhna alon ngomong ‘ urang ikhlaskeun, apa infark jantung ‘, manèhna mah ngarti da dokter.
Ku raka-raina apa kuring digalèntoran, ka ema nu ngungun aranjeuna mangmèntakeun pangampura keur apa, mènta diridokeun sagala kalepatan apa ka nu janten istrina. Ma Haji nu randut-dut da ceurikna bari ngabrul-ngabrul rambutna jeung jajak-jejek bari nginghak mènta hampura ka ema keur Apa utamana pèdah apa salami ieu tos salingkuh. Anjeuna sanajan bari nganafakahan keluargana jauh tina ukuran mahi, sok nitip-nitipkeun artos jajan-na ka ma Haji, saurna tèh ari hayang mah anjeuna tèh ngadegkeun sakola agama kurikulum TK/TPA tapi sabab batesan kamampuhna, nya rèk nu temporèr wè, rèk dingaranan BINA ANAK ! .
Bingung ngareungeu kuring nu baluas-balieus bari jiga nu keur nahan ceurik dibèrè laporan pertanggung-jawaban BINA ANAK tèh, kalacat si Hasan naèk ka mezzanine kamar si Bintang, sarè . . . .

ti Karawang mengatakan...

mang Endang, nu leres mah nu terakhir ( nu jam 12 23:23 ). tulisan teh kado ulang taun si Ceuceu nu kabeneran anjeuna oge nu geus ngingetan Bina Anak nu jadi wakaf apa teh. Nuhun ka Gagan nu geus inisiatif ngarealisasikeunana. Jazakallah